• No results found

OERANG PRIBOEMI

In document PRIBOEMI DJ (pagina 143-170)

Dl

INDIËNEDERLAND,

K a l a w a n dawoehan Kangdjeng Gouvernement disalin tina basa W a l a n d a k a n a basa Soenda koe

R A D E N K A R T A W I N A T A , P a t i h Soemedang.

straf Reglement voor de Inlanders in Nederlandsch-Indie (Staatsblad 1872 n°. 111).

SARTA KAWASA SRI MAHA RADJA!

Kangdjeng Toewan Besar Gouverneur-Generaal tanah Indie Nederland, geus ngadangoe tim-bangan Raad Indie Nederland, maparin salam ka sakoer noe matja atawa ngareungeu ijeu, sar ta maparin njaho :

Jen Andjeunna ngamauah përloe ngadjadikeun parentali besluit Sri Maha Radja tanggal 5 Maart 1869 no, 4 (Staats-blad 1870 no. 152) oenina ngobahan artikel 110 Wet atoeran pangadilan djeung mëtakeun kaädilan di Indië-Nederland (rechterlijke organisatie), nja eta koe nangtoekeun hidji atoeran noe djadi babakoe hal mëtakeun politie dina perkara noe henteu wënang diatoer koe kapala-kapala karësidenan.

Sarta Andjeunna kërsa ngalampahkeun paidinna Sri Maha Radja baris ngeureunan sakoer noe përloe instructie hoofd-baljuw di Batawi djeung hoofd-baljuw di pasisiannana tanah Batawi (Staatsblad 1828 no. 63) djeung ngeureunan sakoer noe përloe soerat aloeran politie baris di kota Soerabaja (Staats-blad 1829 no, 8) noe ditangtoekeun koe Kangdjeng Toewan Commissaris Generaal tanah Indië-Nederland.

atoeran ngëreh tanah Indië-Nederland.

Geus kamanah djeung katimbang:

Art. 1. Nangtoekeun atoeran noe djadi babakoe hal hoe-koeman politie baris oerang priboemi di Indië-Nederland dikantetkeun kana ijeu soerat parentah.

Art. 2. Eta soerat atoeran djadina di tanggal 1 Januari 1873.

Art. 3. Samemeh tatjan aja deui atoeran sedjen, eta soerat atoeran keuna oge ka oerang priboemi noe agamana christen.

Art. 4. Waktoe djadina ijeu soerat atoeran politie, saka-beb hoekoeman noe ditangtoekeun dina soerat-soerat atoeran sedjen atawa dina oendang-oendang hal perkara noe ditë-rangkeun dina eta soerat atoeran politie, eta kabeb dieureunan bae.

Ari perkara-perkara politie noe bënteu diatoer dina ijeu soerat atoeran politie, tapi diatoer dina soerat parentah atoeran atawa oendang-oendang sedjen, eta tëtëp sakoemaba eta soerat atoeran sedjen bae, samemehna dibatalkeun atawa dileungitkeun atawa diganti koe atoeran sedjen.

Oepama dina eta soerat atoeran sedjen tea ditangtoekeun hoekoemannana koedoe salah sahidji noe disëboet dina arti-kel 28 soerat atoeran hal hoekoeman-hoekoeman noe koedoe gantjang dikeunakeun (Staatsblad 1848 no. 6), atawa lamoen henteu disëboet hoekoemannana, ngan koedoe dipoetoes koe rol politie bae, eta hakim politie koedoe ngeunakeun hoe-koeman kerdja paksa dina pagawean nagara diparab teu make boeroeh (krakal) lila-lilana pisan tiloe boelan.

ijeu, ijeu soerat aloeran bakal diasoepkeun kana Staatsblad Indië-Nederland djeung saperloena, dioewarkeun make basa priboemi djeung basa Tjina.

Ditimbalan deui sagala pangkat, gede lentik, koedoe pada ngadjaga sawewëngkonna, soepaja soerat aloeran ijeu ditoeroet saenja-ënjana, djeung teu meunang pilih kasih.

Didawoehkcun di Batawi tanggal 15 Juni 1872.

Kangdjeng Toewan Bësar Gouverneur-Generaal,

LOUDON.

Secretaris Generaal, VAN HARENCARSPEL.

Dikaloearkeun tanggal lima Juni 1872.

Secretaris Generaal, VAN HARENCARSPEL.

straf Reglement voor de Inlanders in

Nederlandsch-Indie (Staatsblad 1872 n°. 111). •>•<

ATOERAN noe djadi babakoe hal hoekoeman politie baris oerang priboemi di Indië-Nederland.

Art. 1. Saha-saha noe ngarëmpak larangan noe disëboet dina nommer 1 nepi ka nommer 15 artikel Ljeu, eta di-hoekoem dengda oewang Una saroepia nepi ka lima welas roepia, nja eta:

N°. 1. Hal lapor pindah.

Saha-saha anoe pindah ti hidji desa atawa kampoeng ka desa atawa kampoeng sedjen hënteu bebedja heula ka kapala desa atawa kampoeng anoe ditinggalkeun koe manehna.

N°. 2. Hal lapor tjüjing.

Saha-saha anoe rek tjitjing di hidji desa atawa kampoeng hënteu lapor ka kapala desa atawa kampoeng eta di djëro doea poeloeh opat d jam ü sadatangna ka eta desa, djeung teu lapor ngaranna, pagawean djeung asalna.

N°. 5. Hal lapor mondokkeun djelema.

Saha-saha anoe mondokkeun djëlema ti desa atawa kam-poeng sedjen hënteu lapor di djëro doea poeloeh opat djam

ka kapala desa atawa kampoeng noe ditjitjingan koe manehna hal ngaranna, pagaweannana djeung asalna eta ojëlëma. Kitoe deui saha-saha noe teu lapor tjara tadi waktoena eta semah indit.

N°. 4. Hal ngahalangan djalan géde.

Saha-saha noe ngahalangan djalan gëde, toer teu aja per-loena sarta teu aja paidinna kapala nagara didinja, kajaning • neundeunan atawa ngagolerkeun toenggoel-toenggoel, bahan

«nah, goendoekan batoe-batoe, toempoekan barang-barang, palang-palang, atawa naon bae. Kitoe deui saha-saha noe geus meunang paidin ngahalangan eta djalan, tapi waktoe li peuting di palëbah eta panghalang teu ditjirian koe damar tërang.

Djaba eta hoekoeman, politie kawasa njingkahkeun eta panghalang sarta onkostna noe ngarëmpak eta larangan, kitoe deui kawasa ngajakeun damar tea.

N°. 5. Hal ngahalangan ngotjorm Ijai koe parahoe.

Saha-saha anoe ngahalangan ngotjorna tjai koe rakit, koe sëkotji, koe parahoe. atawa koe noe saroepa kitoe dina waloengan-waloengan, djeung dina solokan-solokan, kadjeun sabab salah ngamoedina atawa sabab lalawora neundeunna.

N°. 6. Hal njemgeut bedil atawa njeungeulan mercljon.

Saha-saha „oe hënteu meunang paidin li kapala nagara didinja njeungeulan mërëtjon atawa njeungeut bëdil deukeut

pisan kana imah noe dieusian alawa djalan-djalan gëde, kadjaba oepama aja balija alawa sabab ngadjaga diri so-rangan.

N°. 7. Hal noe boeboeroeh popocan, loekang nanggoeng gendongan, loekang nanggoeng alawa koeli.

Saba-saha noe boeboeroeb popoëan, toekaiig nanggoeng gendongan, koeli pakatjar, loekang nanggoeng alawa koeli noc migawe salab hënteu moelangkeun parabot-parabot noe dililah dipake, atawa hënteu nëpikeun barang-barang noe dililah dibawa, tina sabab polio atawa lalawora.

N°. 8. Hal awewe noe boga salaki noe leu pantos lampahna, Saha-saha awewe noe boga salaki anoe reureudjeungan teu patoet djeung lalaki sedjen atawa meuting di imah noe sedjen, hënteu karana paidin salakina, kadjaba kalakoean noe ngaroeksak adat hade, eta mah aja deui hoekoemannana.

Ijeu përkara dioeroeskeunnaua koe politie koedoe aja dawana salakina.

N°. 9.

Saha-saha anoe reureudjeungan teu patoet djeung awewe anoe boga salaki, atawa anoe meutingkeun eta awewe sarat hënteu aja paidin salakina djeung teu aja sababna noepantes, toer njaho jen eta awewe boga salaki, kadjaba kalakoean noe ngaroeksak adat bade, eta mah aja deui hoekoemannana.

Ijeu përkara dioeroeskeunnana koe politie koedoe aja dawa salakina.

N°. 10. Hal nenggor koe barang anoe leuas atawa anoe roedjil.

Saha-saha noe nenggor djëlëma lain dihadja ngan sabab lalawora bae koe ba toe atawa koe noe roedjit.

N°. 11. Hal ngaloengkeun barang anoe leuas atawa anoe roedjil ka djalan gede, kam soemoer alawa waloengan.

Saha-saha anoe ngaloengkeun batoe, barang teuas djaba ti eta, gëmoek, kokotoran djeung barang noe matak gering alawa noe boeroek sarla baoe ka djalan gede atawa toeroet djalan gede, kana pakarangan atawa kana wawangoenan, kitoe deui kana soemoer, koelah, solokan, waloengan, kana tëmpat noe dieusian alawa kana deukeulna eta tempat.

N°. 12. Hal ngaleupaskeun salo di djalan gede.

Saha-saha noe ngaleupaskeun teu diangon alawa leu di-toengtoen toeroet djalan gëde sato paranti narik, sato momot, sato toetoempakan, sato tandoekan, kitoe deui saha-saha anoe teu ngadjaga, soepaja eta sato oelah asoep kana ëng-gon noe ditoetoep djeung dieusian djëlëma.

Eta sato koe politie beunang diampihan sarta onkostna noe boga. (')

(') Ijeu katangtoean diobah koe Staatsblad 1876 no. 126, kijeu oenina.

Eta sato koe politie beunang diampihan sarta onkostna noe boga,^ djeung soepama sanggcus disalabarkcun sakoemaha adat biasana didinja, di djèïo opat wëlas poë eta sato tatjan aja keneh bae noe njoehoenkeun (noe ngarawat), beunang toeloej didjooal dina lelang. Ladangna eta sato, sanggeus ditjangkolong koe onkost miara djeung sedjcn-scdjeu onkost, koedoe diasocpkcun ka kas Gouver-nement, sarta di djëro tiloe taoen beunang disoehocnkcun koe noe boga hak.

N°. 13. Hal asoep alawa leumpang dina lahan anoe sedjen,

Saha-saha anoe asoep atawa leumpang dina lahan anoe sedjen atawa sabagiannana eta lahan, sanggeusna dipagër djeung dipëlakan, toer manehna lain anoe poerah ngala boeahna, anoe njewa atawa anoe ngepak atawa wakilna atawa saha bae lain noe boga hak.

N°. 14.

Saha-saha anoe teu boga hak kana hal eta, ngasoepkeun sàto tandoekan, sato paranti narik, sato momot atawa sato toetoempakan kana lahan noe sedjen, samemeh diakoetan pangasilannana eta lahan.

N°. 15. Hal nganiaja sato.

Saha-saha anoe nganiaja koeda, sato tandoekan, andjing djeung sato lindeuk djaba t i eta kabina-bina djeung di tempat noe tërang (kajaning di djalan gëde djeung saroepa kitoe).

Hoekoeman oewang dëngda, baris perkara noe diseboet dina no. 6, 7, 8 , 9 djeung 11 noeroelkeun gede leutikna perkara beunang diganti koe diboei lilana lina sapoë nëpi ka gënëp poe.

Art. 2. Dihoekoem oewang dëngda Una gënëp wëlas nëpi ka doea poeloeh lima roepia, rij a eta;

N0. J, Hal emboeng noeloengan alawa emboeng digawc dina katjilakaän.

Saha-saha anoe diniistikeun koe Wet atawa ditimbalan koe parentah nagara noeloengan, digawe dina waktoe katji-lakaän, roesoeh, kalëboeh, tjaäh, kahoeroean atawa katjilakaän djaba ti eta, toer manehna kawërat ngalampahkeun ; kitoe deui keur waktoe aja noe ngabadjo, ngabegal alawa rek nangkëp noe ka perëgo ngalampahkeun kasalahan, atawa ngadenge soesoerakan alawa dina waktoe nerapkeun hoekoem-an teu geuwat noeloenghoekoem-an, toer mhoekoem-anehna pibisaeun noe-loengan, kari-kari leu daek atawa ngalawan kana parentah.

Ijeu katangtoean hal nangkëp noe kapërëgo boga kasa-lahan hënteu keuna ka djëlëma-djëlema anoe kasëboet dina artikel 68 boekoe wet hoekoeman baris oerang priboemi.

N°. 2. Hal teu noeroet kana parentah politie.

Saha-saha anoe teu noeroet kana parentah politie atawa kana panoedoehannana, soepaja oelah aja katjilakaän djeung soepaja oelah datang ka woedoe noe ngaraliwat di djalan gëde waktoe pesta, iring-iringan djeung noe saroepa kitoe.

Politie kawidian, lamoen përloe, mëtakeun paksa-piroesa, soepaja digoegoe parentahna.

N°. 5. Hal anoe njieun kembang api atawa mereljon.

Saha-saha noe njieun mëretjon atawa kembang api teu amit heula ka parentah nagara didinja, djeung njieunna di loewar tëmpat noe geus ditangloekeun.

Barang-barang anoe geus didjieun dirampas.

N . 4. Hal njieun obat.

Saha-saha noe njieun obat teu meunang heula paidin ti noe kawasa hal eta.

Obatna koedoe dirampas.

N°. 5. Hal noe ngabogaän barang noe senget.

Saha-saha noe ngabogaän lawon senget kajaning noe dingaranan nitro-glycerine, pyrire djeung barang-barang sa-roepa kitoe noe gantjang teurakna, hënteu oendjoekan ka politie sarta henteu ngalampahkeun parentah politie, mëta-keun atoeran, soepaja oelah njilakamëta-keun ka noe rea.

Politie kawasa ngampihan eta barang sarta onkostna noe boga, kadjaba hoekoeman noe geus ditangtoekeun.

N°. 6. Hal njamoer.

Saha-saha noe njamoer koe sedjen papakean dina tempat terang, make papakean lian ti bangsana pribadi, atawa awewe make papakean lalaki, lalaki make papakean awewe.

Tapi oepama keur waktoe pesta, iring-iringan noe make këdok djeung noe saroepa kitoe teu asoep kana ijeu katangtoean.

N°. 7. Hal pesta atawa iring-iringan.

Saha-saha noe teu meunang idin heula ti parentah nagara didinja, pepestaän djeung nanggap latanggapan, di hareupeun djëlema rea, kajaning: nga'doe loempat, ngadoe djogdjrog, nanggap ronggeng, angkloeng, bangbarongan, wajangkoelit, topeng, atawa iring-iringan di hareupeun djëlema rea, make këdok atawa henteu.

Politie kawasa ngeureunaii eta permaenau, kadjaba hoe-koeman noe geus ditangtoekeun.

N°, 8. Hal soesoerakan djeung tjektjok.

Saha-saha noe soesoerakan atawa tjektjok di djalan djeung dina ënggon anoe deukeut kana wawangoenan baris agama atawa pangadilan, keur waktoe berdjamaäh atawa keur waktoe ngeunakeun pangadilan.

N . 9. Maen ngarah doeil.

Saha-saha noe maen ngarah doeit di loeloeroeng, di djalan, di aloen-aloen djeung di tempat-tempat noe terang, atawa anoe miloe maen, toer hënteu meunang paidin heula.

Barang-barang djeung doeit anoe kapanggih didinja atawa anoe dipake toempang eta dirampas kabeh, kitoe deui barang-barang, parabot-parabot noe dipake maen atawa noe baris dipake maen.

N°. 10. Hal ngadoe hajam djeung djangkrik.

Saha-saha noe ngadoe hajam atawa djangkrik di loeloe-roeng, di djalan, di aloen-aloen atawa di tempat terang noe saroepa kitoe, toer leu meunang paidin heula.

Hajam atawa djangkrikna dirampas sarta dibasmi.

N°. 11. Hal wawangoenan kosong.

Saha-saha noe boga atawa noe ngoeroes wawangoenan kosong, kajaning: goedang-goedang, leuit, gëdogan atawa

kandang atawa paralioc-paralioe dagang, henteu nilah ngaraksa atawa ngemitan eta wawangoenan, atawa hen-teu ngadjaga, soepaja eta wawaugoenan oelah dipake eng-gon koe noe ngalantjong, koe kekere atawa koe djèïema goreng.

No. 12. Mere inoeman noe malah mabok.

Saba-saha noe ngadjoeal inoeman noe matak mabok, reana sakali-kalina koerang ti tiloe kan Nederland, lain di tëmpat anoe geus diwidian koe parentab nagara, saperti: lain di logement-logement, di toko inoeman djeung di tempat terang saroepa kitoe, kitoe soteb lamoen hen leu kaäsoep kana langgar larangan perdjangdjian pacht anoe geus ditangloekeun

hal ngadjoeal inoeman noe matak mabok.

N°. 13.

Saha-saha noe merean inoeman noe matak mabok lain di tëmpat inoeman militair (kantines) ka militair-militair balad daratan sahandapeun pangkat officier, ka pamadjikannana, ka anakna atawa ka baroedakna, ngadjoeal atawa ngan mere-mere bae, lamoenna teu meunang hoekoeman noeroet-keun perdjangdjian pacht hal ngadjoeal inoeman noe matak mabok. (')

(') Ijeu katangtoean ditambah koe Staatsblad 1881 no. 97, kijeu oenina:

" 1 . Kaäsoep keneh kana inoeman noe matak mabok, nja eta toeak kawoeng, loe-ak sagoe, soeri djeung naon bae ngaranna mah sloe-akoer noe matloe-ak mabok, 2. Ijeu katangtoean hënteu matak ngoerangan kawè'nangannana loekang pacht

ngadjoeal inoeman bangsa tocak-toeak sDlawflS laljan beak tempo ngëpakna.

N°. 14.

Saha-saha anoe merean inoeman, ngadjoeal atawa mere-mere bae, ka djëlëma anoe katara jen mabok.

N°. 15. Hai ngaleupaskeun andjing galak djeung sato galak.

Saha-saha anoe ngaleupaskeun andjing galak djeung sato galak.

Andjingna atawa satona noe galak lea heunang dirampas sarta dipaehan.

N°. 16. Hal ngingoe salo galak noe malak tßaka.

Saha-saha noe ngingoe sato galak noe matak tjilaka, hënteu ngoeninga ka parenlah nagara, sarta hënteu noeroet kana atoeran-atoeran ngadjaga cta sato noe geus diparentahkeun koe kapala nagara.

E ta satona beunang dirampas djeung dipaehan.

N°. 17. Hai ngadjoeal kahakanan djeung inoeman beunang malsoe atawa noe geus roeksak.

Saha-saha noe ngadagangkeun atawa ngadjoeal kahakanan djeung inoeman beunang malsoe atawa noe geus roeksak.

Kahakanan djeung inoeman beunang malsoe atawa noe geus roeksak noe katjëkël beunang dirampas sarta dibasmi.

K i toe déni oepama Icu meunang hoekoeman, kahakanannana djeung iaoemannana mah beunang dititah dibasmi bae. (')

N°. 18. Ngadjoeal alawa njaliarakeun kitab Ijitak noe malah ngaroeksak tala.

Saha-saha noe ngadjoeal alawa njaliarakeun alawa njieun tonglonan kitab Ijitak, tetekinan, gambar, wong-wongan noe matak ngaroeksak tala (noe kolor, djalingkak).

Kitab-kitab Ijitakna, tetekinannana, gambarna djeung wong-wongannana dirampas sarla dibasmi.

N'J. 19. Hal lalawora ngadjaga boedak leulik djeung noe edan.

Saha-saha noe lalawora ngadjaga boedak lentik djeung noe edan atawa djelema noe koerang akalna, halua manehna kawadjiban ngadjaga eta, atawa geus diparentahkeun koe nagara koedoe ngadjaga eta.

N°. 20, Hal asoep atawa leumpang kana lahan baloer anoe pëpëlakannana keur boeahan.

Saha-saha noe asoep atawa leumpang kana sabagiannana alawa saänterona lahan batoer noe aja parean alawa noe

(') Ijcu no. 17 artikel 2 diobah koe Staatsblad 1879 no. 105 kijeii oenina:

Saha-saha noe ngadagangkean atawa ngadjoeal kahakanan atawa inoeman palsoe alawa noe geus roeksak (boerock) atawa daging sato atawa koeda noe dineuntjit atawa paeh sorangan sabab gering.

Kahakanan atawa inoeman palsoe atawa noe geus roeksak, atawa daging asal ti sato atawa koeda gering noe dipeuntjit atawa paeli sorangan, noe katjckël, koedoe diroeksak djeung diroeang.

Kitoe deui soepama ten meunang hoekoeman, kahakanannana atawa inoemannana atawa dagingna mah wenang diparentah diroeksak djeung diroeang.

Noe discboet salo di loehoer teh nja eta: sapi, uioending, domba, bagong, èmbe.

2

pëpëlakannana keur boeahan geus asak alawa keur asak, toer manehna lain noc poërah ngala boeahna, lain noe njewa, noe ngëpak, noe boga atawa lain wakilna noe boga ela lahan alawa henleu boga bak koe sedjen-sedjen sabab.

N°. 21.

Saba-saba noc ngaleupaskeun salo paranti narik, salo raomot, salo loeloempakan alawa salo landoekan kana ela lahan baloer noc keur dipëlakan alawa keur boeahan lea, toer raanebna hënteu boga hak.

N°. 22. Hal asoep kana wawangoenan baloer.

Saba-saba noc asoep kana wawangoenan, gocdang-goedang, gedogan atawa kandang, alawa paraboe-paraboe dagang ben-teu amit heula djeung leu meunang paidin li noc boga, ti noe ngawasa alawa li noc ngeusian, kadjaba lamoen ditangtoekeun dina wet.

N°. 25, Hal leu mikeun imah diasoepan.

Saha-saha noe leu mikeun waroengna, goedangna djeung lompat noe saroepa kitoe, kapalna atawa paraboena, kitoe dcui imahna djeung wawangoenan noe katoel kadinja dia-soepan koe pangkat alawa ambtenaar noe dikawasakeun koe Wet kana bal ela, kadjaba boekoeman lamoen manehna ngalawan djeung prakna.

N°. 24. Hal neundeun parahoe dina pakarangan ba/oer.

Saba-saba noe neundeun alawa meulingkeun parahoe, rakil djeung noe saroepa kiloe dina alawa kana imah,

paka-rangan, gosali, pagalangan alawa paranli neundeun parahoe batoer, ti pockoel 6 isoek-isoek iiepi ka poekoel 6 sore, sarla teu meunang paidin Iicula noe boga, noc ngawasa a tawa noe ngeusian.

Lamoen perloe, politie menuang njegah hal eta make paksa-piroesa.

N°. 25. Mawa barang ti peuling.

Saha-saha noe mawa harang baloer ti peuling teu make tanda tangan ti noe boga alawa ti parentah nagara noe dipasihkeun kalavvan leu make onkost.

Eta barang-barangna diampihan koe politie nepi ka datang noe boga, nërangkeun ka politie jen ela milikna, toer teu djadi panasaran politie.

N°. 26. Hal neundeun boerang alawa djirel djeung noe saroepa kitoe.

Saha-saha noc neundeun boerang alawa djiret dina ëng-gon noe dieusian atawa anoe kagiridig koe djelema alawa neundeun naon-naou bae noe sok dipake ngala sato galak, niatak tjilaka ka djëlëma, sarla teu meuuang hcula paidin politie.

Barang-barang noe dipake ngaboerangan dirampas.

N". 27. Hal boedjang noe meunang gadjih, Saha-saha boedjang atawa boerochan noe meunang gadjih dilangtoekeun koemaha loembrahna, alawa gadjih

boeboc-larian, iiinggalkeiin pagaweannana, atawa teu daek digawe, teu meiinang paidin heula djoeragannana, sadjero meiinang gadjilian atawa di djëro boelan gadjihan.

Kadjaba lamoen kaäsoep kana kalakoean kasalahan. (') Dina perkara-perkara noe kasëiioet dina no. 1, 3 , 4, S, 9, 10, 12, 13, 14, 17, 18, 22, 23 djeung 27 (2) hoekoem-annana oewang dëngda noeroelkeun gede leulikna perkara beunang diganti koc herdja paksa dina pagawean nagara diparab teu make boeroeh [krakal) lilana Una toedjoeh nepi ka doea welas poc.

é Art. 5. Dilioekocm oewang dëngda reana lina doea poeloeh genëp nëpi ka gënëp poeloeh roepia, n ja eta:

N°. 1. Hal ngoempoelkeun djëlëma.

Salia-saha noe njaloekan atawa ngoempoelkeun djëlëma loba , ngadjak koekoempoelan, maksoedna mail naon hae, heriteu menuang lieula soerat paidin li parenlali nagara.

Ari ambtenaar-ambtenaar noe njaloekan ngoempoelkeun djëlëma rek ngalampabkeun pagawean kawadjibannana, kitoe deui ngoempoelkeun lid-lid liidji koempoelati noe geus kawidian koe parenlali, eta beulen asoep kana ijeu la-rangan.

{') I.jcu katangloean no. 27 geus dieureunan koc Staatsblad 1879 no. 203, sarta digauli koc artikel 3i8». lioekoe Wet hoekoeman baris oerang priboemi (Staatsblad 1872 no. 85).

0 Noeroetkenn Staatsblad 1879 no. 203 ijeu angka ogekoedoe dileungitkeun, djadi kocdoe dibatja 22 djeung 2", lain 23 djeung 27.

N°. 2. Hal koekoempoelan djeung iring-iringan noe mata/c ngaroeksak kana parenlah nagara.

' Saha-saha noe miloe-miloe kana koekoempoelan hal nga-roeksak parentah nagara, alawa koempoelan noe nganga-roeksak kana kakerlaän nagara.

Kaäsoep kana ijeu koempoelan, nja eta: koekoempoelan noe maksoedna rek mirërapoeg ngaganti kapala-kapala noe Jtawasa di district atawa di kaboepaten atawa

pangkat-pangkat noe ngadjalankeun pangawasa eta, kitoe deui abring-abringan doemeuheus ka kapala nagara sedja ragëm gadoeh panoehoen

N°. 3, Hal emboeng dipiwarang boedal.

Saha-saha noe miloe-miloe kana koekoempoelan noe ka-sëboet di loehoer, soemawonna kana rerëmpoegan tadi, ten noeroet kana parentah noe kawasa dipiwarang boedal alawa dipiwarang balik ka imahna.

N°. 4. Hal hënleu lapor kanjahona, lamoen aja noe rek ngarah pali batoer alawa

ngarah barang-barangna.

Saha-saha noe manggihan aja djelëma ngarah pati atawa barang-barangna batoer, henteu lapor ka ambtenaar politie noe deukeut ka dinja.

Ijeu katangtoean teu keuna ka djelema-djëlënia noe ka-sëboet dina artikel 68 Bockoe Wet hoekoeman baris oerang priboemi.

N°. ä. Hal gogorowokan alavoa roeroesoehan noe malah gandeng.

Saha-saha anoe gogorowokan atawa roeroesoehan nabeuh;

gëmbreng atawa noe saroepa kitoe ti beurang atawa ti

gëmbreng atawa noe saroepa kitoe ti beurang atawa ti

In document PRIBOEMI DJ (pagina 143-170)

GERELATEERDE DOCUMENTEN